Cinta
ditolak dukun cengkat
Pemain
Anisa Khoerunisa : Dalang
M. ikhrom : Asep
Olis Solihat : Euis
Diana Ardela : Bu Rafiah
Rosmawati : Ma Ijah
Wini : Ma Erot
Imam M. Kamal : Ragil
Sarida : Neng Ijem
Anisa Khoerunisa : Dalang
M. ikhrom : Asep
Olis Solihat : Euis
Diana Ardela : Bu Rafiah
Rosmawati : Ma Ijah
Wini : Ma Erot
Imam M. Kamal : Ragil
Sarida : Neng Ijem
D : Hiji waktu di
desa solokan jeruk aya 2 orang kakasih anu keur silih asih tapi bari susulumputan,
kulantaran eta 2 orang kakasih teh teu disatujuan kunu jadi kolot ti pihak
awewena.
Kusabab kahirupan budak lalakina kacida malaratna.Keur kitu kadenge eta 2 kakasih teh guntreng ngalobrol di saung.
Asep : “Euis geulis, kumaha eyeuna hubungan urang 2an teh, naha ibu euis teh kersaeun ngawidian.”
N. Euis : “Ari si akang masih naros keneh, sakali henteu nya henteu we dugi ka ayeuna ge.”
Asep : “Kumaha atuh ieu teh, Akang mah tos kabelet”
N. Euis : “Na……ari si Akang, nye kabeletmah kawese bilih nempel kanu calana”
Asep : “Ari si Euis, sanes kabelet eta, Akang teh kabelet kawin”
N. Euis : “Euleuh-euleuh……………….suganteh kabelet hoyong ka jamban”
D : Barang keur uplek ngarobrol, teu kanyahoan indung si Euis datang. Basa ninggali anakna keur ngobrol jeung si Asep, indungna nyempeurkeun bari ambek-ambekan.
Kusabab kahirupan budak lalakina kacida malaratna.Keur kitu kadenge eta 2 kakasih teh guntreng ngalobrol di saung.
Asep : “Euis geulis, kumaha eyeuna hubungan urang 2an teh, naha ibu euis teh kersaeun ngawidian.”
N. Euis : “Ari si akang masih naros keneh, sakali henteu nya henteu we dugi ka ayeuna ge.”
Asep : “Kumaha atuh ieu teh, Akang mah tos kabelet”
N. Euis : “Na……ari si Akang, nye kabeletmah kawese bilih nempel kanu calana”
Asep : “Ari si Euis, sanes kabelet eta, Akang teh kabelet kawin”
N. Euis : “Euleuh-euleuh……………….suganteh kabelet hoyong ka jamban”
D : Barang keur uplek ngarobrol, teu kanyahoan indung si Euis datang. Basa ninggali anakna keur ngobrol jeung si Asep, indungna nyempeurkeun bari ambek-ambekan.
Bu Rafiah :
“Euis keur naon maneh di dieu ? hayu balik. Heh Asep ( bari tutunjuk Ka si Asep
) geus nyaho manehteh jalma kismin, wawanianan ngadeukeutan anak kuring, bisi
maneh teu nyaho yeuh, si Euis teh geus di jodohkeun jeung si Ragil, Anakna
juragan Eman anu beunghar tur pantes rupana teu siga maneh.
D :Euis di paksa balik ku indungna bari
setengah dibedol.
Asep : “Euis…………………………..!”
N. Euis : “Kang Asep……………!”
Asep : “Euis…………………………..!”
N. Euis : “Kang Asep……………!”
D : Antukna asep balik ka imah na . barang
neupi diuk dina bangku sabari terus ngalamun . indungna anu keur sasapu
ngareret kanu keur ngalamun terus nyamperkeun pok nyarita.
Ma ijah :”geus atuh jang, tong mikiran wae neng euis”!”
Asep :
“kumaha atuh ma asep the bogoh ka neng euis , sedengkeun lamun hoyong ka neng
euis the kudu loba duit heula ! eh ma pan aya warisan si abah, jual we atuh
ma!”
Ma ijah
:”aeh…aeh… tong kitu atuh ujang eta the hiji hijina warisan tis i abah. Dari
pada ngajual warisan mending neangan awewe sejen”
Asep
:”kumaha atuh ma da kuring the geus cinta mati ka neng euis the”
Ma ijah
:”cinta mati nanahaon , mending ka si enur ceuk ema mh”
Asep :”nur…
nur naon ma?”
Ma ijah
:”heeuh NURDIN M.TOP deuleu!”
Asep :”heuh,
ieu mah boga indung the geus nyaho anak the keur lalieur hayoh we kalakah
ngaheureuyan!”
Ma ijah
:”geus siah ujang ah ema mah dek nyangu heula” (bari ngaleos ninggalkeun si
asep)
D :kacaritakeun di imah neng euis , si
ragil keur namu. Harita neng euis keur ngobrol diruang tamu jeung jang ragil.
Keur kitu indungna euis nyamperkeun”
B.rufiah :”geuning
aya cep ragil, sigana mekel oleh-oleh kanggo ibu nya!”
Ragil :”oh
muhun bu ieu kanggo ibu (sabari nyodorkeun bungkusan)
B.rufiah
:”aduh hatur nuhun jang, keur ganteng the bageur deui, pek atuh sing jongjonna
ibu mah bade masak heula!”
Ragil
:”muhun bu ! aeh… neng euis iraha atuh urang dua’an bade nikah the? Upami tos
nikah hoyong bulan madu kamana?”
Euis :”hah…
nikah??? Teu salah eta the kang? Bogoh ge heunteu”
Ragil :”naha
beut nyarios kitu? Pan euis the tos dijodohkeun sareng akang?”
Euis :”ah
duka atuh kang, da nu ngajodohkeun nage si ema , euis mah alim, bari na oge teu
minat nikah jeung akan!”
D : keur kitu si asep datang sabari reuwas
tur ambek ninggali neng euis jeung si ragil keur ngobrol dua’an..
Asep :”oh…
jadi ieu nu ngarana ragil the? Maneh kudu nyaho , neng euis the kabogoh kuring,
bari na oge neng euis mah teu bogoheun ka maneh mah!”
Ragil :”tong
kitu siah asep, euis the geus di jodohkeun jeung kuring” (bari melong ka si
asep)
Asep :”naon
molotot, nangtang siah?”
Ragil : "mun
nangtang dek naon siah?”
Asep : ”eleuh
eleuh si kehed wani ka kuring?
D : antuk na asep jeung ragil garelut
meuni papukeut , euis satekah polah misahkeun nu keur garelut tapi hasil na
neng euis kalakah ka banting ku kang asep jeung kang ragil. Keur kitu indung na
neng euis datang sabari ngambek, ninggali anak na katampiling kunu keur gelut.
B.rufiah
:”aeh…aeh… eta garelut siga budak leutik wae. Aya masalah naon ieu anak kuring neupi kabanting kieu?”
(sabari ngahudangkeun neng euis.. jang asep jeung jang ragil jempe ngahephep
teu ngajawab)
D : prak teh indung na si asep
datang..
Ma ijah:”aya
naon atuh cenah ieu the?”
B.rufiah
:”anak anjeun garelut jeung jang ragil”
Ma ijah
:”kunaon sef gelut jeung jang ragil?”
Asep :”asep
teu rido neng euis dijodohkeun jeung si ragil”
Ma
ijah:”jang awewe the loba lain neng euis wae, kop milih dek nukumaha”
B.rufiah
:”tah dengekeun asep tong nunutur wae si
euis, da si euis mah geus
dijodohkeun jeung jang ragil, anu beunghar teu kos
maneh sangsara”
Ma ijah :”eh
rafiah tong sambarangan ngomong siah, jadi maneh mah ngawinkeun budak jeung nu
beunghar the hayang hata na hungkul siah nya??”
D : neng euis misahkeun bu rafiah
jeung ma ijah
Euis :”entos
atuh ma tong diperpanjang masalahna”
B.rafiah
:”tah ijah bejaan anak maneh tong nutur nutur wae si euis!:
D : si asep jeung
indungna balik.. jang ragil nuturkeun neng euis jeung ibu rafiah. di imah neng
euis jang ragil ngobrol deui dua’an ..
Ragil :”neng
kumaha, neng the kersa jadi kabogoh akang teh?”
Euis :”aduh
kang puntennya abdimah teu bogoh ka akang, da cinta mah kang teu tiasa
dipaksakeun”
Ragil :”tapi
akang the bogoh ka neng (sabari ngaleos ambek)
D : mulang
ti imah euis si ragil mawa teu ka ngenah hate sabab ngarasa ditolak
cintana ku neng euis antukna boga piker rek males kanyerian ku jalan
ngadukunkeun neng euis maneh na boga karep dek melet neng euis.
Maerot :”aya
naon ujang kadieu boga masalah naon? Sok gera balaka ka ema. Jeung ema mah
sagala masalah pasti beres”
Ragil :”kieu
ma kuring the boga kateungeunah ngarasa ditampik cinta ku hiji awewe, naha ema
bisa nulungan?”
Ma erot:”pan
ceuk ema oge sagala masalah jeung ema mah pasti beres .tapi aya nu kieu na teu?
(duit)
Ragil
:”gampanglah nu kitu mah ma, haying sabaraha oge teu burung di cumponan ku abdi
mah”
Ma erot : ”sip
lah jang , tapi aya syarat na”
Ragil
: ”syarat naon deui ma?”
Ma erot : ”sok
turutan ema (dibere mantra sabari joged..mantra , tangkumeli kentang ngek-ngek
si tatang dangang cengkek, irung na meuni demek katinggang ku mang memet) Si
ragil nurutan mantra anu dibere ku ma
erot. Saengges mere mantra ma erot mawa jimat…
Ma erot : ”yeuh
jang jimat na. nu hiji dipake ku ujang , nu hiji deui dipake deui ku nu di
pikabogoh ku ujang. Samemeh mikeun jimat ieu, ujang kudu ngalaksanakeun mantra
anu bieu ku ema dipasihan”
Ragil :”oh
siap atuh ma”
D : saengges di ma erot, si ragil dek
kateun neng euis, sajajalan si ragil bari maca mantra barijeung hate na bungah,
kangeunahan maca mantra teu kanyahoan
dihareupeunana
aya bat uterus titajong , teu kanyahoan jimat anu di bere ku ma erot murag
kapanggih ku neng ijeum anu rada misleuk
Ragil
: ”astagfirullah hal’azim…!” (labuh)
D : Pas kitu
neng ijeum datang bari cicirintilan ..
Neng ijeum
:”aha…gening aya kalung . ni sae kieu… nusahanya? Kembae the teuing angge we
ah”
D :saengges jimat (kongkorong) eta dipake
ku si ijeum , si ijeum gegerebegan ingetana langsung ka kang ragil
Neng ijeum
:”eleuh… gening itu siga kang ragil? Caketan ah (sabari bungah) aa ragil … I
love you …
Ragil : ”naon
maneh kijeum?(sabari sinis)
Neng ijeum : ”aria a , lamun neng bilang I LOVE YOU , tanda nateh neng bogoh ka aa”
Ragil : ”amit
amit ari si kijeum teu haying teuing ka maneh”
Neng
ijeum : ”neng the bogoh ka akang ragil I LOVE YOU FOREVER we pokonamah”
Ragil
: ”heeuh kuma maneh we.. eh.. eh.. kela cik ninggali eta jiga kongkorong urang”
Neng ijeum
:”naon ari akang sok kamana wae da ieu mah nu eneng”
Ragil :”naon
maneh misleuk da ieu mah nu urang (bari parebut rebut)
D : saengges kitu kongkorong murag, neng
ijeum jeung jang ragil papelong pelong. teras uih deui ka neng euis jeung bu rafiah
Euis : “Ema kumaha atuh da euis teh bogoh ka kang ragil the
Bu Rafiah : “ Euis, ema the boga hutang ka juragan eman teh , mun euis kersa nikah sareng jang Ragil, hutang ema the dianggap lunas.
Euis : “ Emang sabaraha kitu ma sametanana ?”
Bu Rafiah : “ 50 JUTA “
Euis : “Ema kumaha atuh da euis teh bogoh ka kang ragil the
Bu Rafiah : “ Euis, ema the boga hutang ka juragan eman teh , mun euis kersa nikah sareng jang Ragil, hutang ema the dianggap lunas.
Euis : “ Emang sabaraha kitu ma sametanana ?”
Bu Rafiah : “ 50 JUTA “
Euis : “
Amboeng…………..ema meni seer-seer teuing, tapi kumaha lamun kang Asep tiasa mayar
sametan ema ka juragan Eman. Ema kersa ngawidian abi sareng Kang Asep. “
Bu Rafiah : “ Muhun Insya Allah ku ema diwidian
D : Saenggeus kitu, Euis langsung manggihan kang Asep di saung
Euis : “ Akang ! “
Asep : “ Naon Euis milarian akang, Sononya ? “ (bari seuri)
Euis : “ Naon ari si Akang meni GR tea, neng kadieuteh aya picarioseun. “
Asep : “ Picarioseun naon neng, meni asa rareuwas tea ? “
Bu Rafiah : “ Muhun Insya Allah ku ema diwidian
D : Saenggeus kitu, Euis langsung manggihan kang Asep di saung
Euis : “ Akang ! “
Asep : “ Naon Euis milarian akang, Sononya ? “ (bari seuri)
Euis : “ Naon ari si Akang meni GR tea, neng kadieuteh aya picarioseun. “
Asep : “ Picarioseun naon neng, meni asa rareuwas tea ? “
Euis : “
Kieu kang, tadi teh eneng ngobrol sareng si ema, ari pek nyarios kieu, pami
akang hoyong di widian ku ema, akang tiasa teu pang ngalunasan keun sametan
kulawargi eneng ka juragan eman ? "
Asep : “
Emang sabaraha ? “
Euis : “ 50
JUTA kang. “
Asep : “ HAH
50 JUTA, ari akang gaduh artos sakitu timana ? . Tapi wios we lah, naon sih nu
henteu kanggo neng Euis, ke urang badamikeun heula sareng si ema.”
Euis : “ Oh
muhun atuh sateuacana, nuhun pisan, hayu ah kang bade uih hela. “
Asep : “ Oh muhun atuh akang oge bade uih. “
D : si Asep buru-buru balik ka imah geus
teu sabar hayang ngabadamikeun ka indungna .
Asep : “
Assalamuallaikum ma (bari rusuh tur gumbira)
Ma Ijah : “ Aya naon jang meni asa rareuwas tea. “
Asep : “ Kieu ma, abi teh hoyong nikah sareng neng Euis, tapi neng Euis masihan sarat ka abi, sangkan diwidian ku indungna. “
Ma Ijah : “ Aya naon jang meni asa rareuwas tea. “
Asep : “ Kieu ma, abi teh hoyong nikah sareng neng Euis, tapi neng Euis masihan sarat ka abi, sangkan diwidian ku indungna. “
Ma Ijah : “
Sarat naon jang ? “
Asep : “ nya
kan neng euis teh gaduh sametan ka juragan eman, 50 JUTA mun asep tiasa
ngalunasan hutang eta asep bakal di widian .”
Ma Ijah : “
Aeh aeh …… ari ema boga duit timana sakitu , apan urang teh jalma teu boga . “
Asep : “ Nya saur Asep oge jual warisan tisi abah, aya meureun 100 JUTA mah, 50 Juta jang mayar sametan kulawargi neng Euis ka juragan Eman, 50 jutana deu kanggo ngalamar neng Euis. “
Asep : “ Nya saur Asep oge jual warisan tisi abah, aya meureun 100 JUTA mah, 50 Juta jang mayar sametan kulawargi neng Euis ka juragan Eman, 50 jutana deu kanggo ngalamar neng Euis. “
Ma Ijah : “
Aduh asep etateh warisan hiji hijina deui tisi abah . “
Asep : “ Nya
eta oge lamun ema bener-bener nyaah ka Asep, kan eta oge jang masa depan Asep,
darejekimah moal kamana . “
Ma Ijah : “
Nya atuh bke urang pikir-pikir heula ku ema . “
Asep : “
Hatur nuhun pisan atuh ma . “
D : Tungtungna warisan eta geus dijual,
geus kitu Asep jeung Indungna datang ka imah euis bari mawa duit ka juragan
eman sabari bade ngalamar Neng Euis .
Ma Ijah jeung
Asep : “ Assalamuallaikum. “
Bu Rafiah
jeung Euis : “ Wa’alaikum salam . “
Bu Rafiah :
“ Aya naon maneh Ijah kadieu. “
M. Ijah : “
Kela tong waka sosorongot, urang mah kadieu teh boga niat bener dek ngalamar
neng Euis jeung dek pang mayarkeun sametan kulawarga anjeun . “
Bu Rafiah :
“ Oh kitu, oh muhun manga kalebet. (sabari bungah) “
M. Ijah : “
Sok atuh ayeuna bade kumaha, si Asep kukeukeuh hayang ka si Euis . “
Bu Rafiah :
“ Nya sok we, tapi bener etateh bade ngalunasan sametan kulawargi abi ka Juragan
Eman . “
M. Ijah : “
Muhun Rafiah yeuh. “ ( Sabari mikeun duit )
Bu
rafiah:”ah abdi mh kumaha si euis we kersa atawa henteu na”
Ma
ijah:”kumaha euis kersa teu?
Euis :”muhun
mah euis mah teu kedah ditaros , tibaheula ge tos bogoh ka kang asep ge”

Tidak ada komentar:
Posting Komentar