Sabtu, 05 April 2014


Cinta ditolak dukun cengkat







Pemain

Anisa Khoerunisa : Dalang

M. ikhrom        : Asep

Olis Solihat      : Euis

Diana Ardela : Bu Rafiah

Rosmawati : Ma Ijah

Wini : Ma Erot

Imam M. Kamal : Ragil

Sarida : Neng Ijem


   
     D : Hiji waktu di desa solokan jeruk aya 2 orang kakasih anu keur silih asih tapi bari susulumputan, kulantaran eta 2 orang kakasih teh teu disatujuan kunu jadi kolot ti pihak awewena.
Kusabab kahirupan budak lalakina kacida malaratna.Keur kitu kadenge eta 2 kakasih teh guntreng ngalobrol di saung.

Asep : “Euis geulis, kumaha eyeuna hubungan urang 2an teh, naha ibu euis  teh  kersaeun ngawidian.”

N. Euis : “Ari si akang masih naros keneh, sakali henteu nya henteu we dugi ka ayeuna ge.”

Asep : “Kumaha atuh ieu teh, Akang mah tos kabelet”

N. Euis : “Na……ari si Akang, nye kabeletmah kawese bilih nempel kanu calana”

Asep : “Ari si Euis, sanes kabelet eta, Akang teh kabelet kawin”

N. Euis : “Euleuh-euleuh……………….suganteh kabelet hoyong ka jamban”

     D : Barang keur uplek ngarobrol, teu kanyahoan indung si Euis datang. Basa ninggali anakna keur ngobrol jeung si Asep, indungna nyempeurkeun bari ambek-ambekan.

Bu Rafiah : “Euis keur naon maneh di dieu ? hayu balik. Heh Asep ( bari tutunjuk Ka si Asep ) geus nyaho manehteh jalma kismin, wawanianan ngadeukeutan anak kuring, bisi maneh teu nyaho yeuh, si Euis teh geus di jodohkeun jeung si Ragil, Anakna juragan Eman anu beunghar tur pantes rupana teu siga maneh.

     D :Euis di paksa balik ku indungna bari setengah dibedol.

Asep : “Euis…………………………..!”

N. Euis : “Kang Asep……………!”

     D : Antukna asep balik ka imah na . barang neupi diuk dina bangku sabari terus ngalamun . indungna anu keur sasapu ngareret kanu keur ngalamun terus nyamperkeun pok nyarita.

Ma ijah  :”geus atuh jang, tong mikiran wae neng  euis”!”

Asep : “kumaha atuh ma asep the bogoh ka neng euis , sedengkeun lamun hoyong ka neng euis the kudu loba duit heula ! eh ma pan aya warisan si abah, jual we atuh ma!”

Ma ijah :”aeh…aeh… tong kitu atuh ujang eta the hiji hijina warisan tis i abah. Dari pada ngajual warisan mending neangan awewe sejen”

Asep :”kumaha atuh ma da kuring the geus cinta mati ka neng euis the”

Ma ijah :”cinta mati nanahaon , mending ka si enur ceuk ema mh”

Asep :”nur… nur naon ma?”

Ma ijah :”heeuh NURDIN M.TOP deuleu!”

Asep :”heuh, ieu mah boga indung the geus nyaho anak the keur lalieur hayoh we kalakah ngaheureuyan!”

Ma ijah :”geus siah ujang ah ema mah dek nyangu heula” (bari ngaleos ninggalkeun si asep)

     D :kacaritakeun di imah neng euis , si ragil keur namu. Harita neng euis keur ngobrol diruang tamu jeung jang ragil. Keur kitu indungna euis nyamperkeun”

B.rufiah :”geuning aya cep ragil, sigana mekel oleh-oleh kanggo ibu nya!”

Ragil :”oh muhun bu ieu kanggo ibu (sabari nyodorkeun bungkusan)

B.rufiah :”aduh hatur nuhun jang, keur ganteng the bageur deui, pek atuh sing jongjonna ibu mah bade masak heula!”

Ragil :”muhun bu ! aeh… neng euis iraha atuh urang dua’an bade nikah the? Upami tos nikah hoyong bulan madu kamana?”

Euis :”hah… nikah??? Teu salah eta the kang? Bogoh ge heunteu”

Ragil :”naha beut nyarios kitu? Pan euis the tos dijodohkeun sareng akang?”

Euis :”ah duka atuh kang, da nu ngajodohkeun nage si ema , euis mah alim, bari na oge teu minat nikah jeung akan!”

     D : keur kitu si asep datang sabari reuwas tur ambek ninggali neng euis jeung si ragil keur ngobrol dua’an..

Asep :”oh… jadi ieu nu ngarana ragil the? Maneh kudu nyaho , neng euis the kabogoh kuring, bari na oge neng euis mah teu bogoheun ka maneh mah!”

Ragil :”tong kitu siah asep, euis the geus di jodohkeun jeung kuring” (bari melong ka si asep)

Asep :”naon molotot, nangtang siah?”

Ragil : "mun nangtang dek naon siah?”

Asep : ”eleuh eleuh si kehed wani ka kuring?

     D : antuk na asep jeung ragil garelut meuni papukeut , euis satekah polah misahkeun nu keur garelut tapi hasil na neng euis kalakah ka banting ku kang asep jeung kang ragil. Keur kitu indung na neng euis datang sabari ngambek, ninggali anak na katampiling kunu keur gelut.

B.rufiah :”aeh…aeh… eta garelut siga budak leutik wae. Aya masalah naon  ieu anak kuring neupi kabanting kieu?” (sabari ngahudangkeun neng euis.. jang asep jeung jang ragil jempe ngahephep teu ngajawab) 

    D : prak teh  indung na si asep datang..

Ma ijah:”aya naon atuh cenah ieu the?”

B.rufiah :”anak anjeun garelut jeung jang ragil”

Ma ijah :”kunaon sef gelut jeung jang ragil?”

Asep :”asep teu rido neng euis dijodohkeun jeung si ragil”

Ma ijah:”jang awewe the loba lain neng euis wae, kop milih dek nukumaha”

B.rufiah :”tah dengekeun asep tong nunutur  wae si euis, da si euis mah geus 
dijodohkeun jeung jang ragil, anu beunghar teu kos maneh sangsara”

Ma ijah :”eh rafiah tong sambarangan ngomong siah, jadi maneh mah ngawinkeun budak jeung nu beunghar the hayang hata na hungkul siah nya??” 

       D : neng euis misahkeun bu rafiah jeung ma ijah

Euis :”entos atuh ma tong diperpanjang masalahna”

B.rafiah :”tah ijah bejaan anak maneh tong nutur nutur wae si euis!: 

     D : si asep jeung indungna balik.. jang ragil nuturkeun neng euis jeung ibu rafiah. di imah neng euis jang ragil ngobrol deui dua’an ..

Ragil :”neng kumaha, neng the kersa jadi kabogoh akang teh?”

Euis :”aduh kang puntennya abdimah teu bogoh ka akang, da cinta mah kang teu tiasa dipaksakeun”

Ragil :”tapi akang the bogoh ka neng (sabari ngaleos ambek)

     D : mulang  ti imah euis si ragil mawa teu ka ngenah hate sabab ngarasa ditolak cintana ku neng euis antukna boga piker rek males kanyerian ku jalan ngadukunkeun neng euis maneh na boga karep dek melet neng euis.

Maerot :”aya naon ujang kadieu boga masalah naon? Sok gera balaka ka ema. Jeung ema mah sagala masalah pasti beres”

Ragil :”kieu ma kuring the boga kateungeunah ngarasa ditampik cinta ku hiji awewe, naha ema bisa nulungan?”

Ma erot:”pan ceuk ema oge sagala masalah jeung ema mah pasti beres .tapi aya nu kieu na teu? (duit)

Ragil :”gampanglah nu kitu mah ma, haying sabaraha oge teu burung di cumponan ku abdi mah”

Ma erot  : ”sip lah jang , tapi aya syarat na”

Ragil : ”syarat naon deui ma?”

Ma erot : ”sok turutan ema (dibere mantra sabari joged..mantra , tangkumeli kentang ngek-ngek si tatang dangang cengkek, irung na meuni demek katinggang ku mang memet) Si ragil nurutan mantra  anu dibere ku ma erot. Saengges mere mantra ma erot mawa jimat…

Ma erot : ”yeuh jang jimat na. nu hiji dipake ku ujang , nu hiji deui dipake deui ku nu di pikabogoh ku ujang. Samemeh mikeun jimat ieu, ujang kudu ngalaksanakeun mantra anu bieu ku ema dipasihan”

Ragil :”oh siap atuh ma”

     D : saengges di ma erot, si ragil dek kateun neng euis, sajajalan si ragil bari maca mantra barijeung hate na bungah, kangeunahan maca mantra teu kanyahoan
dihareupeunana aya bat uterus titajong , teu kanyahoan jimat anu di bere ku ma erot murag kapanggih ku neng ijeum anu rada misleuk

Ragil : ”astagfirullah hal’azim…!” (labuh)

     D : Pas kitu neng  ijeum datang bari cicirintilan ..

Neng ijeum :”aha…gening aya kalung . ni sae kieu… nusahanya? Kembae the teuing angge we ah”
   

     D :saengges jimat (kongkorong) eta dipake ku si ijeum , si ijeum gegerebegan ingetana langsung ka kang ragil

Neng ijeum :”eleuh… gening itu siga kang ragil? Caketan ah (sabari bungah) aa ragil … I love you …

Ragil : ”naon maneh kijeum?(sabari sinis)

Neng ijeum  : ”aria a , lamun neng bilang I LOVE YOU , tanda nateh neng bogoh ka aa”

Ragil : ”amit amit ari si kijeum teu haying teuing ka maneh”

Neng ijeum : ”neng the bogoh ka akang ragil I LOVE YOU FOREVER we pokonamah”

Ragil : ”heeuh kuma maneh we.. eh.. eh.. kela cik ninggali eta jiga kongkorong urang”

Neng ijeum :”naon ari akang sok kamana wae da ieu mah nu eneng”

Ragil :”naon maneh misleuk da ieu mah nu urang (bari parebut rebut)

     D : saengges kitu kongkorong murag, neng ijeum jeung jang ragil papelong pelong. teras uih deui ka neng euis jeung bu rafiah

Euis : “Ema kumaha atuh da euis teh bogoh ka kang ragil the

Bu Rafiah : “ Euis, ema the boga hutang ka juragan eman teh , mun euis kersa nikah sareng jang Ragil, hutang ema the dianggap lunas.

Euis : “ Emang sabaraha kitu ma sametanana ?”

Bu Rafiah : “ 50 JUTA “



Euis : “ Amboeng…………..ema meni seer-seer teuing, tapi kumaha lamun kang Asep tiasa mayar sametan ema ka juragan Eman. Ema kersa ngawidian abi sareng Kang Asep. “

Bu Rafiah : “ Muhun Insya Allah ku ema diwidian

     D : Saenggeus kitu, Euis langsung manggihan kang Asep di saung

Euis : “ Akang ! “

Asep : “ Naon Euis milarian akang, Sononya ?  “ (bari seuri)

Euis : “ Naon ari si Akang meni GR tea, neng kadieuteh aya picarioseun. “

Asep : “ Picarioseun naon neng, meni asa rareuwas tea ? “

Euis : “ Kieu kang, tadi teh eneng ngobrol sareng si ema, ari pek nyarios kieu, pami akang hoyong di widian ku ema, akang tiasa teu pang ngalunasan keun sametan kulawargi eneng ka juragan eman ? "

Asep : “ Emang sabaraha ? “

Euis : “ 50 JUTA kang. “

Asep : “ HAH 50 JUTA, ari akang gaduh artos sakitu timana ? . Tapi wios we lah, naon sih nu henteu kanggo neng Euis, ke urang badamikeun heula sareng si ema.”

Euis : “ Oh muhun atuh sateuacana, nuhun pisan, hayu ah kang bade uih hela. “

Asep : “ Oh muhun atuh akang oge bade uih. “

     D : si Asep buru-buru balik ka imah geus teu sabar hayang ngabadamikeun ka indungna .

Asep : “ Assalamuallaikum ma (bari rusuh tur gumbira)

Ma Ijah : “ Aya naon jang meni asa rareuwas tea. “

Asep : “ Kieu ma, abi teh hoyong nikah sareng neng Euis, tapi neng Euis masihan sarat ka abi, sangkan diwidian ku indungna. “

Ma Ijah : “ Sarat naon jang ? “

Asep : “ nya kan neng euis teh gaduh sametan ka juragan eman, 50 JUTA mun asep tiasa ngalunasan hutang eta asep bakal di widian .”

Ma Ijah : “ Aeh aeh …… ari ema boga duit timana sakitu , apan urang teh jalma teu boga . “


Asep : “ Nya saur Asep oge jual warisan tisi abah, aya meureun 100 JUTA mah, 50 Juta jang mayar sametan kulawargi neng Euis ka juragan Eman, 50 jutana deu kanggo ngalamar neng Euis. “

Ma Ijah : “ Aduh asep etateh warisan hiji hijina deui tisi abah . “

Asep : “ Nya eta oge lamun ema bener-bener nyaah ka Asep, kan eta oge jang masa depan Asep, darejekimah moal kamana . “

Ma Ijah : “ Nya atuh bke urang pikir-pikir heula ku ema . “

Asep : “ Hatur nuhun pisan atuh ma . “

     D : Tungtungna warisan eta geus dijual, geus kitu Asep jeung Indungna datang ka imah euis bari mawa duit ka juragan eman sabari bade ngalamar Neng Euis .

Ma Ijah jeung Asep : “ Assalamuallaikum. “

Bu Rafiah jeung Euis : “ Wa’alaikum salam . “

Bu Rafiah : “ Aya naon maneh Ijah kadieu. “

M. Ijah : “ Kela tong waka sosorongot, urang mah kadieu teh boga niat bener dek ngalamar neng Euis jeung dek pang mayarkeun sametan kulawarga anjeun . “

Bu Rafiah : “ Oh kitu, oh muhun manga kalebet. (sabari bungah) “

M. Ijah : “ Sok atuh ayeuna bade kumaha, si Asep kukeukeuh hayang ka si Euis . “

Bu Rafiah : “ Nya sok we, tapi bener etateh bade ngalunasan sametan kulawargi abi ka Juragan Eman . “

M. Ijah : “ Muhun Rafiah yeuh. “ ( Sabari mikeun duit )

Bu rafiah:”ah abdi mh kumaha si euis we kersa atawa henteu na”

Ma ijah:”kumaha euis kersa teu?

Euis :”muhun mah euis mah teu kedah ditaros , tibaheula ge tos bogoh ka kang asep ge”

     D :” akhirna bu rafiah ngawidian si asep jeung neng euis”